PRANATA MANGSA


Pangaweruh tina hal jalana musim, kacida perlu jeung pentingna pikeun para patani dina raraga ngalaksanakeun tatanen, sabab hade gorengna pepelakan anu diusahakeun gumantung kana musim anu digunakeun, disagigireun cara-cara/ teknik anu dipake.

Dina garis gedena musim diurang (di pulau Jawa) atawa di daerah-daerah anu aya disabudeureun garis khatulistiwa nyaeta aya 2 (dua) musim, nyaeta musim hujan jeung musim halodo, atawa bisa oge ditambah ku 1 (hiji) musim antara musim hujan jeung musim halodo anu disebut musim dangdangrat. Tapi ari sabenernamah aya 12 (dua belas) musim (mangsa), sakumaha anu ka unggel dina Pranata Mangsa.

Anu dipake dasar pikeun nangtukeun mangsa eta, sarta sifat-sifat nyokot tina patokan Jalana panon poe anu saban waktu robah-robah anu mawa akibat mangaruhan kana jalana angin, hujan jeung panas.

Urang sarerea pada apal yen panon poe teh dina saban poe bijilna ti belah wetan, beuki ka luhur, terus manceran sarta surup di beulah kulon. Tapi sagigireun eta nyaeta ayana parobahan dina perjalanan panon poe teh lamun ku urang dibandungan dina waktu bijilna ti beulah wetan aya persis di wetan semu ngidul (Musim Hujan), aya oge semu ngaler (Musim Halodo).

SACARA JELASNA JALANA PANON POE TEH KIEU :

Dina tanggal 21 Maret jalana Panon Poe aya di Daerah Khatulistiwa anu terus robah ka beulah kaler, musim di urang keur musim dangdangrat, tina hujan maju kahalodo.

Dina tanggal 21 Juni Panon Poe aya di kaler (23,5), anu terus robah balik deui ka kidul/ ngidul (usum halodo). Tilu bulan lilana datang deui ka khatulistiwa.

Dina tanggal 22 September Panon Poe persis aya di khatulistiwa nuju di beulah kidul (mimiti turun hujan/ usum hujan)

Dina tanggal 21 Desember panon poe aya dina garis 23.5 beulah kidul (keur mejehna usum hujan), terus robh ka beulah kaler, datang deui ka garis khatulistiwa dina tanggal 21 Maret. Kitu jeung kitu bae saterusna sajeroning sataun.

Aya oge sajaba ti eta anu merhatikeun bentang wuluku (orion) anu dipake patokan . Dina pertengahan bulan Nopember , bentang wuluku katembong di beulah wetan dina jam 8 peuting, anu mere pertanda yen para patani mimiti turun ka sawah pikeun panggarapan mimiti ( mimiti ngagarap lahan sawah).

Pikeun  nyeragamkeun/ ngaragemkeun perhitungan musim, Sri Susuhunan Pakubuwono ngadamel hiji susunan Mangsa anu disaluyukeun jeung perhitungan bulan anu biasa dipake ku umum, anu saterusna disebut Pranata Mangsa.

Pranata Mangsa ngabagi taun jadi 12 (dua belas) musim, lamun ku urang disaluyukeun jeung bulan Masehi kieu :
  1. Mangsa Kasa (Ka Hiji), lilana 41 poe, 22 Juni - 2 Agustus
  2. Mangsa Karo (Ka Dua), lilana 23 poe, 2 Agustus - 26 Agustus
  3. Mangsa Katelu (Ka Tilu), lilana 24 poe, 26 Agustus - 19 September
  4. Mangsa Kapat ( Ka Opat), lilana 24 poe, 19 September - 13 Oktober
  5. Mangsa Kalimo (Ka Lima), lilana 29 poe, 13 Oktober - 9 Nopember
  6. Mangsa Kanem (Ka Genep), lilana 43 poe, 9 Nopember - 22 Desember
  7. Mangsa Kapitu (Ka Tujuh), lilana 43 poe, 22 Desember - 3 Pebruari
  8. Mangsa Kawolu (Ka Dalapan), lilana 27 poe, 3 Pebruari - 1 Maret
  9. Mangsa Kasanga (Ka Salapan), lilana 25 poe, 1 Maret - 26 Maret
  10. Mangsa Kasadoso (Ka Sapuluh), lilana 24 poe, 26 Maret - 19 April
  11. Mangsa Kadhesto (Ka Sabelas), lilana 23 poe, 19 April - 12 Mei
  12. Mangsa Kasaidho (Ka Duawelas), lilana 41 poe, 12 Mei - 1 Juni
Powered by Blogger.
Back To Top